Panas nu sakieu mentrang
Sugan teh moal rek hujan
Sono bogoh anu urang
Geuningan teu bisa manjang
Asa dina pangimpian
Urang jadi pipisahan
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Kiwari talina udar
Urang teu bisa embung
Najan ka gandrung sagunung
Urang teu bisa nolak
Najan duriat sajagat
Urang lir ibarat wayang
Usik malik na ku dalang
Anu teu wasa teu weunang
Beureum hideung kumaha dalang
Apan hirup ngalakon
Saperti dina sinetron
Caritana kedah pisah
Nya hamo bisa dipondah
Urang teu bisa embung
Najan laput rasa gandrung
Urang teu bisa nolak
Najan limpas ku ka beurat
Tarimakeun janten rangda
Akang pasrah jadi duda
Najan pait bari peuheur
Teu bisa di kumahakeun
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Takdir teu beunang dipungkir
Kadar teu bisa di singlar
Najan pada pada beurat
Meureun gurat keudah peugat
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna cing tumarima
Urang teu bisa kumah
Teu bisa kumaha
Saturday, February 23, 2013
TONG DICEUNGCEURIKAN
Related
- Teuteupna aduh ema sok ngenter kana hateEndahna aduh bapak sok dengdeuleun ku manehnaTeu
- Lain ti baheula atuh kang urang teh pateupang Ieu hate abdi atuh kang emut bae ka eungka
- Dipikir siang jeung weungiHirup teh naha nyoranganDirasa rasa da puguh aya nu bogaEma bap
- Di beh kulonenPengkolan nu ka SagulingAya sasak anu jadi panineungan kuringSasak panjang
- Ririungan urang karumpulMeungpeung deukeut,hayu urang sosonoanPacangkrama hari ngawadulUr
- Asih urang di apungkeun ka langitMuntang kana megaUcang angge duaanAsih urang di apungkeu
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
Ad Banner